Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
36

těmpat pasangaran ati.

  1. Mung putra aja panuhun, měnggah pun bodjo Nji Dewi, ku putra moal ditilar, bade dibantun ka nagri, bilih putra tambah bahja, gěring pikir njorang pati.
  1. Ngawalon Sang Maha Wiku, ih Agan pěrkawis rai, teu aja pamběnganana, rek ditjandak ka nagari, ati ama sadrah pisan, hanteu ngait kumareumbing.
  1. Ama darma anak estu, měnggahing ka tuang rai, anu kagungan mah Agan, sumawontên ka nagari, nadjan dibunuh dibuang, Agan nu kagungan milik.
  1. Ama mah ngan wungkul suhud, ngadudu'a siang wěngi, disuhunkeun wiludjěngna, patěbih reudjeung balai, anggang tina pantjabaja, salamět lahir djeung batin.
  1. Pangeran Pinutra Sunu, teu kawawa nahan galih, tina kangangrěsanana, ngadangu saur Sang Rěsi, njěmbah ti pajuneun Arja, djuměngkar lungsur ti bumi.
  1. Dewi Kania teu kantun, ka karang patamon mulih, sami nandang lara manah, teu pětot mědal tjitangis, Pinutra Dewi Kania, ka karang patamon sumping.
  1. Ari sup pintu ditutup, pageuh ku sabab disosi, njoreang ka pagulingan, lalinggih dina alkětip, mirěmpag pěrkara eta, nu djadi geusan prihatin.
  1. Pangeran Pinutra njaur, ka kang rai Njai Dewi, kumaha Njai rek bela, tina ěngkang geus pinasti, nadahan geusaning lara, mandjing ka marga prihatin.
  1. Dewi Kania ngawangsul, bari tjumalimba nangis, njuuh ka pangkon Sang Putra, duh gamparan mugi-mugi, ulah djadi rěntag manah, miris ku nu tatjan bukti.
  1. Panuhun abdi nu estu, tumutkeun pamugi-mugi, sakěrsa djuragan Arja, jen kědah gamparan mulih, ka dajeuh nagri Riskomar, abdi ge sumědja ngiring.
  1. Sarěng ku abdi kaemut, gamparan teh anu mawi, disaur ku Kangdjěng Radja, dibědol ti Paramanik, kantěnan dumeh gamparan, kagungan garwa ka abdi.
  1. Margi kadoana Ratu, wartos ti sisi ti gigir, ka putri Ratu Ambarak, djěněngan Dewi Kaswati, gamparan anu teu kěrsa, ahir-ahir nikah abdi.
  1. Pantěs rek běndu Djěng Ratu, dipikir dibulak-balik, da gamparan anu lěpat, ti kapungkur oge geuning, abdi teh sěring undjukan, inggis kasiku ku Gusti.