Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

38

8. Tatapina moal pandjang, kědah tjatět ulah rek gěruh galih, ajeuna ama teh nuhun, Agan sarěng Kania, ka nagari disaur ku Kangdjěng Ratu, suganna djadi lantaran, numpěs hama djuru djulig.

9. Sarěng kadua pěrkara, Agan ulah teu kěrsa ka Kaswati, ditikahkeun ku djěng Ratu, tatapi sing waspada, tina margi aja balukarna tangtu, Kaswati sarěng ramana, tapi Agan ulah gimir.

10. Katiluna ieu ama, hadjat djimat pěrlu kudu ditjangking, anggo ulah kantun-kantun, Nurasdjati ngaranna, pangaruhnja moal aja anu wantun, sumawonna sipat djalma, nadjan djin setan mo' wani.

11. Sabab djimat kawarasan, sumawonna tumbak pědang djeung badi, nadjan ditindih ku gunung, dina saibaratna, moal pisan njorang pědjah lampus umur, masih ngagěm ieu djimat, beulitan Nurasadjati.

12. Ari ieu Nji Kania, ieu bae tikěl-balung ditjangking, djimat ěmas ulah kantun, dina salalawasna, pangaruhna teu beda pisan nja kitu, kawantu djimat pusaka, sasaka ti nini aki.

13. Ajeuna mah nja geura bral, didu'akeun mo' ělat beurang peuting, mugi sing mulus rahaju, teu lami Radjaputra, djeung Kania sudjud ka pangkon Sang Wiku, sarta nangis tjumalimba, Pinutra djeung Njai Dewi.

14. Gantjangna Pangeran Putra, sarěng raji sami lungsur ti bumi, muru kaderah nu murub, duaan sami tunggang, Njai Dewi Kania sarěng Sang Sunu, ngarendeng dina kaderah, pada mustikaning rupi.

15. Tjek basa lir golek anjar, kasorotan mun keusik tingkarětip, mun batu djiga ngagěbur, tjadas-tjadas harerang, kasorotan ku putri pinutra Sunu, gantjangna tuměras djěngkar, ti pasantren Paramanik.


Asmarandana

1. Pandjang lamunna ditulis, pěrtata sadjalan-djalan, gantjangna nu ditjarios, Pangeran Purnama Alam, sigeug di těngah djalan, ajeuna anu ditjatur, Sri Maha Radja Riskomar.

2. Waktu harita di puri, sarěngan parameswara, taja anu ditjarios, kadjaba ti Sang Pinutra, nu djadi kasumpěgan, sarta hanteu lami njaur, ka raji parameswara.

3. Dina poe ieu pasti, datangna Purnama Alam, kitu ge lamun teu mogok, puruneun kana diala, datang soteh ajeuna, tapi Njai ulah burung, njadiakeun di kaputran.

4. Reudjeung maksud kakang pasti, upama ěnggeus daratang, }}