Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40

sakabeh, ka eta Dewi Kania, tjatur nu di paměngkang, Prameswari sarěng Ratu, langkung-langkung kaget manah.

  1. Djalanan dua pěrkawis, sahidji ningal tjahaja, awang-awang djadi objor, beda djeung tjahaja siang, ngagěbur djeung guměbjar, lain hurung rupa ajung, gumilang lain běrlian.
  1. Kadua kagetna Gusti, ningal anu paburia, lalumpat paboro-boro, kawas aja nu diudag, Ratu ladjěng nimbalan, ka mantri djuru tutugur, tjoba ku maneh pariksa.
  1. Itu djalma balawiri, bět kawa aja pěrkara, nu bakal ngagetkeun hate, wuri-wuri aja tjahja, guměbjar matak heran, njěmbah mios mantri tugur bari lumpat ti paměngkang.
  1. Hanteu lila dongkap deui, ngadeuheus ka Sang Sri Nata, ngundjukkeun pinutra Anom, sarěngan Aria Patya, sumping ti Gurangsarak, barang Ratu geus ngadangu, jen sumping Pangeran Putra.
  1. Ngodjengkang lěbět ka puri, da tjua teu palaj těpang, sarěng Dewi Kania teh, ngan Meswari anu djěngkar, ngabudjeng ka kaputran, ngambrul nu ngiring ti pungkur, garwa prijaji sadaja.
  1. Pinutra katjatut deui, sumping ka gědong kaputran, sarěng nu ngiring sakabeh, mantri-mantri sadajana, sarěng Aria Patya, nu mapag paburu-buru, para menak di nagara.
  1. Sang Putra sarěng Sang Dewi, lalungsur tina kaderah, luměbět ka bumi bae, sarta njondong tětěbahan, ěnggeus sami lalěnggah, Kania djeung putra Sunu, tjakět lawang pagulingan.
  1. Teu lami Prameswari, sarěng praistri sadaja, Nji Aria Nji Kaliwon, lěbět ka gědong kaputran, bade sepon putra, barang Kania Sang Sunu, ningal sumping Prameswara.
  1. Ngalih tjalikna ka hilir, kana sisi panto latar, bawaning ku isin bae, barang Prameswari ningal, ka Nji Dewi Kania, ngarandjug geus těrap lutju, lir ka putra Sang Purnama.
  1. Sadjongdjongan teu lalinggih, ngaděg hanteu mědal lisan, ngan wungkul olohok, měntjrong, ka Njai Dewi Kania, tina kaget ku rupa, ku geulis pundjul ti batur, sarta njaur lěbět manah.
  1. Ja Allah teu njana teuing, kutan teh kieu rupana, geulis matak moho nendjo, minantu aing Kania, paingan Ki Purnama, udjug-udjug kana purun, rek nikah hanteu bebedja.
  1. Sanadjan pikiran aing, ka ieu Dewi Kania, leuwih-leuwih tjotjog hate, ku sabab waktu ajeuna, lamun ngiděr sadjagat, sasamana moal nimu, nu geulis kaja kieu mah.