Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55

ĕmban-ĕmban, lumĕbĕt bae ka bumi, njondong mantri nu kĕmit, djeung kaliwon djaga satru, barang kabeh naringal, ka eta Siti Kaswati, langkung-langkung karaget ningal dangdosan.

9. Djeung batur patingal-tingal, pating kalieus ka gigir, garumudjĕng nengkep baham, sadajana mantri-mantri, jen ningali Kaswati, lampah lir nu owah estu, Kaswati hanteu lila, mariksa ka para mantri, mamang-mamang di mana akang Purnama.

10. Alo teh arek nĕpangan, bari rek babakti diri, bung ngosokan ku kasaj, diwawangi ros paradis, reudjeung minjak malati, dibalur ku lulur pupur, baris akang Purnama, mantri tugur hanteu lami, ngawangsulan sumuhun aja di kamar.

11. Malah ti tadi teu kěndat, Pangeran Putra ka abdi, marisakeun ka gamparan, saurna ku hajang panggih, barang Siti Kaswati, ngadangu mantri piundjuk, langkung bungah manahna, gumuju mani ngagikgik, kĕlat-kĕlet bari ngělel-ngělel letah.

12. Dugi mawur kĕmbang patjar, saurna lah deudeuh teuing, nu kasep kutan ngantosan, tjoba atuh mamang gasik, ulah rek lami-lami, geuwat laán eta pintu, alo arek něpangan, djungdjunan panutan ati, bisi pundung ku djalanan lat dilajad.

13. Gantjangna kamar dibuka, ku mantri anu ngadjagi Pangeran Purnama Alam, harita eukeur ngalindjing, sarta satĕngah lali, morobot saur teu puguh, tina sabab manahna, nekad kana buang pati, rek lahlahan ngamuk di nagri Ambarak.

14. Barang Sang Purnama Alam, keur susumbar mundut pati, ningal panto kamar muka, sarta sidik ka Kaswati, Pinutra leuwih-leuwih, kaget salĕbĕting kalbu, hookeun teu ngandika, ningal dangdanan Kaswati, tjara tědak bangsa djalma anu owah.

15. Tungtungna Purnama Alam, ningal ka Siti Kaswati, gimir sadjěroning manah, sieun leuwih ti ku djurig, djeung njangka ka Kaswati, mana kitu oge palung, tjulang-tjileung Sang Putra, inggis ngarontok Kaswati, arek lumpat da puguh teu aja djalan.

16. Keur sieun katambah-tambah, Siti Kaswati ngalahir, djeung luhak-lehek ngimutan, masa Allah sigěr tjeuli, iraha kulan sumping, nja tjai ngotjor ti luhur, akang pupudjan rasa, mustika panutan ati, lah sumangga ieu kuring bakti badan.

17. Pangeran Purnama Alam, ningali tandang Kaswati, mani geus teu puguh rasa, rarasaan asa ngimpi, dumugi kana lali, kasima teu jasa njaur, mun di budak mah sawan, Siti Kaswati teu lami, tina langkung teu tahan nahan kahajang.