Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sinom

1. Pangeran Purnama Alam, nguping saur Arja Patih, jen bakal meunang hukuman, gumuju bari ngalahir, lah sukur Arja Patih, kami menang hukum gantung, pangadilan Ambarak, ngan pamenta diri kami, geuwat-geuwat ulah rek dilila-lia.

2. Malar kami gantjang pěgat, njingkir ti ririwit lahir, kaluar ti lara dunja, ajeuna geura pek kami, ku maneh hukum pati, naon bae sapamaksud, ditodjos djeung dipědang, kami sadrah lahir batin, hanteu lami Aria Patih Ambarak.

3. Muka tjupu wadah djimat, banju těnung nu sajakti, sarta barina ngandika, tjoba tadah djimat aing, banju saktining leuwih, sia tangtu ganti patut, teu lami Arja Patya, eta djimat banju sakti, diulaskeun kana taar Sang Pinutra.

4. Kěrsa Allah hanteu gagah, barang diulas teu lami, Pangeran Purnama Alam, bět udjug-udjug ngadjadi, taja napas teu usik, salira teuas lir batu, sihoreng djadi artja; wisajana banaspati, Arja Kumba gumudjěng bari ngandika.

5. Njaho ku sia karasa, eta panghukuman aing, lalanang nagri Ambarak, bongan sia bědang ati, teu nurut ka Bopati, ěmbung didjieun minantu, ajeuna djadi artja, moal djadi djalma deui, sabab moal aja nu bisa nambaan.

6. Teu lami ku Arja Patya, artja ditjandak ti bui, dibuntěl ku boeh kasar, bade dianggo babakti, ka Sri Maha Ratu djin, nagara bumi pingpitu, keur parab ingonanna, wěrědjit nu leuwih matih, dina kamar Padjarangan panjiksaan.

7. Djeung gědena eta guha, ditaksir sapos pasagi, kagungan Ratu djin tea, dituguran ku para djin, sakur bangsa děděmit, siluman bumi pingpitu, djeung aja kapalana, tukang ngatur nu karêmit, Baraspati tjitjingna di lawang guha.

8. Minangka djuru kuntjina, djangkung gěde gagah sakti, kawantu-wantu kadjinan, kapěrtjajaan Sang Adji, ngadjaga guha tjandi, purah nampa beunang něnung, eta kitu damělna, Ki Mas Mantri Baraspati, geus kamashur gěgědug pěndjaga guha.

9. Guha teu kira santosa, rangkěp wadja sakuriling, tur aja di sapatala, estuning leuwih mustahil, mun aja anu wani, atawana bisa asup.