Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7

garelo, sok aringgis djadi matak, sangar nagri Riskomar, Ratu langkung paur kalbu, inggis bahja kumaonam.

Sinom

1. Harita Sri Maha Radja, keur linggih di srimanganti, sarĕngan parameswara, dideuheusan ku papatih, Arja Gundara Pati, teu lami Ratu ngadawuh, eh Patih marga kakang, njaur teh arek badami, hal pěrkara si udjang Purnama Alam.

2. Estu matak djadi susah, ngarudětkeun kana ati, karasa dua pĕrkara, gumantĕng di sanubari, ari anu ngadjadi, kana tunggara kabingung, kahidji nu geus njata, Ki Purnama Alam mungkir, ka Kaswati nampik teu daekeun nikah.

3. Djeung kadua pĕrkarana, kakang leuwih-leuwih risi, ku watĕk Purnama Alam, bĕt matak njangarkeun nagri, geus manggih bedja sidik, awewe pada kairut, tagiwur uru-ara, teu tolih boga salaki, pada datang ngahĕlaran ka kaputran.

4. Eta leuwih matak susah, pasti djadi gujur nagri, baruntak djĕroning kota, asal hanteu repeh rapih, abdi-abdi nu leutik, tangtu tagiwur timburu, moal aja lulusna, djeung pasti moal sak deui, matak nungtun bahja ka Purnama Alam.

5. Tah eta kuma pĕtana, kakang leuwih susah ati, tjing ajeuna kakang menta, pirĕmpug Ki Arja Patih, akal geusan lastari, nu bakal ngabĕndung bingung, mukahkeun kasusahan, hanteu lami Arja Patih, njembah hurmat ngawangsul ka Sang Sri Nata.

6. Abdi dalĕm nampi pisan, kana sadaja panglahir, pasal ngagĕm kasumpĕgan, kěrsa Dalĕm nu sajakti, ku abdi dalĕm kering, sakalintang marga ewuh, mung katur permuhunan, jaktos putra Dalěm mugi, ulah waka dipaksa kana garwaan.

7. Bokbilih dina ahirna, putra Dalĕm hanteu djadi, kana marga kalulusan, pista ka putri Kaswati, ngabongankeun di ahir, ka kersa Dalem nu estu, tangtos wuwuh kewuhan, kana salěběting galih, putra Dalĕm Sang Sunu Purnama Alam.

8. Amung manawi rěmpag mah, klajan kersa Dalĕm jakti, sae djudjur kahojongna, ngalap sipat ilmi-ilmi, haliah lahir batin, njusul paněmu nu luhung, geusan kawiludjĕngan, teu lami Ratu ngalahir, nadjan kakang teu pisan rek ngahalangan.