Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8
  1. Ari pamadjikañana, ngoenděr barěng djěng nji Sari, sarta bari kakawihan, ngadjingdjing boboko lětik, kawihna běnang nganggit, moedji narimakěn soekoer, ari pokpokanana, anoe tani kari moekti, anoe dagang loewangna sok ngandar hoetang.
  2. Ana hantě djeng těměña, ja Allah raboel idjati, koering noehoen ka gampařan, réhna di paparin mahi, nji Sari soeka sěri, barina njotjoo sěkoel, katjatoer mangsa éta, aja kisoedagarsoegih, djěng sěwěna noe ngaran agoes Běnawa.
  3. Lěmpang ngaliwat kadinja, ngarěngě sora noe ngawih djěng ningal noe tatanggahan, Běnawa nowél djěng sěri, ama itoe tingali, djělma noelak tjangkéng nangtoeng, handapěn kolétjérna, sěmoena boengah téh těing, loewak lijěk ngalér ngidoel ngoelon ngétan.
  4. Serta bari héhéjotan, léléwana ijě aing, taja kasoekěr kasoesah, kawas praboe njakrawati, djělma ratoe koemaki, angkoeh ngoengkoelan ka batoer, toerta lamoen di timbang, rědjěng éta harga ali, noe di anggo koe ama dina panangan.
  5. Radjakaja éta djělma, moaja saharga ali, saparona ogé mowal, rědjeng itoe anoe ngawih, sorana ngělik-ngělik, tah