Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10

ama soemangga dangoe, bari kitoe kawihna, éta pangintěn sim koering, tajoh itoe bodjona noe nangtoeng téja.

13 Di dangoe koe ki Soedagar, pokna éta anoe ngawih, djěng lampah noe nangtoeng téja, di awaskén di tingali, toeloej Soedagar soegih, ngarérét bari ngawangsoel, hé agoes ki Běnawa, ama gěs njaho téh těing, di ngaraña tina gěs mashoer lampahna.

14 Réja ogé noe bébédja, jén éta djělma téh tani, ngan ama tě wawoeh pisan, saoekoer kakara panggih, sakali doewa kali, ari ngaraña noe njěboet, kijai Sětjanala, rědjếng éta anoe ngawih, nji Nirmala běněr pamadjikañana.

15 Djeng déi éta ngarana, anakna anoe lalaki, ki Sěmoe ĕnggěs katělah, anoe awéwé nji Sari, pédah manéh gěs ngadji, ka boedjangga gěs goegoeroe, basa kawi kirata, tangtoe manéh ěnggěs ngarti, éta ngaran ges tangtoe aja hartina.

16 Hartijan koedoe tétéla, ki Běnawa toengkoel sěri, ngahoelěng sěmoe mikiran, tě lila enggěs kapikir, tjěngkat barina sẽri, ka bapa toeloej ngawangsoel, lamoen kitoe pěttana, sěmoe ngaran běnang nganggit, di papantěs njoeroep-