Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12


ken kana lampahna.


17 Krana harti Sětjanala, njokot tina basa kawi, sětja asalna téh sětja, těgěsna sětja téh běrsih, nala těğěsna ati, nirmala lěngit pakéwoeh, sěmoe gěs éstoe basa, djěng ari hartina sari, kěkěmbangan anoe sěngit kaämběna.


18 Njaoer kijai Soedagar, agoes nja kitoe téh těing, těrroes djěng pamanggih ama, djěng děi soeroep téh těing, boekti běrésih ati, hantě soesah hantě éwoeh, malah-malah ngoengkoelan ka praboe noe njakrawati, sabab Sětjanala gěs nangtoekěn pisan.


19 Moenggoeh bawah paréntahna, salamět taja karisi, taja baja taja hama, sabataé sěñang ati, tambah rědjeng di pirig, kolétjér oepama děğoeng, tě maké panajagan, ngěnah hantě sarta roegi, bědajana binangkit ngěnah kawihna.


20 Lain kawib lalawora, njoekoerkěn kasihing goesti, nandakěn gědė tarima, tina di paparin mahi, moedji lampah pribadi, tapi lain pisan oedjoeb, nétélakěn soekoerna, hantě ngagoeligah pikir, těngtrěm ati tě bingbang ngabaroengsinang.


21 Katělah njai Nirmala, gěs pantěs soeroep téh těing,