Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
14

bisa njirnakěn kasoesah, mana moedji bari ngawih, anakna noe lalaki, kantoen loentang-lantoeng njěmoe, sẽmoe taja kasoesah, njai Sari kari sěngit, maké soebal kěkěmbangan pělak bapa.


22 Éta agoes rasa ama, kaboeñgahan djoeroe tani, noe tjara ki Sětjanala, taja karasa karisi, moenggoeh tiisna pikir, tangtoe ngoengkoelan ka ratoe, ari noenggoeh radjamah sanadjan koemaha radjin, mowal jasa nangtoekěn slamět, dajěhna.


23 Koe sabab tina lěgana, réja karémpan karisi, ratoe saroewa manoesa, mowal awas ka noe gaib, koedoe karana jakin, lantaran tina pioendjoek, éta noe djadi sabab, noelak kana manah tiis, lain tjara pikir djoeroe tani téja.


24 Salamětna gěs tétéla, ěnggěs katéndjo pribadi, sabaraha lěğa hoema, koe lijěk gé katingali, boekti ki djoeroe tani, ngalijěkna ngalér ngidoel, oepama ratoe ronda, toer awas ki djoeroe tani, saoepama aja bagong kanjahowan.


25 Ari moenggoeh di ratoemah, nadjan ngarondana apik, tangtoe mowal katingalan, sakabéh lampah noe boeni, noe matak mowal tiis, manahna moenggoeh hing ratoe, moenggoeh