Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
16

kasoeka ménak, koedoe baé sarta roegi, saléndrona koedoe katik panjaga.


26 Sabab éta gěs tétéla, lampahna ki djoeroe tani, těģěssing djělěma bagdja, di paparin těntrěm ati, tina djalan saětik, matak djadi soeka soekoer, ari moenggoeh di ama, ěnja baé kongas soegih, malah ijě noe di paké ali mahal.


27 Harga lima ratoes roepja, moenggoeh dina hidji ali, ijě noe di paké opat, djěng djaba ti ijě děi, banda téh réja dei, nja patoet manéh takaboer, lamoeña hakékatna, koemanéh tatjan kaharti, tapi ama ajena, rék tjatjarita.


28 Déngékén agoes Beñawa, ěnja ama siga soegih, harga barang réwoe laksa, běnghar koeda sapi moending, tapi lamoen di tagih, hoetang koe ama di taoer, sing datang kapoenahna, siga-siga mowal mahi, paribasa béjak kalěboelěboena.


29 Djadi kaběngharan oerang, lamoeña těměn di pikir, mowal saharga tihangna, kolětjér ki djoeroetani, noe matak géwat basmi, ati manéh noe takaboer, ki Sětja těğěs bagdja, oerang těğés anoe laip, ki Beñawa toengkoel njoesoetan tjimata.


30 Sabot bapa tjatjarita, tě pětot tjipanon, bidjil, nalangas