Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18

mikiran awak, karah koetan ama miskin, bari handjakal tadi, doeméh gěs bidjil takaboer, njatjampah ka ki Sětja, ki soedagar njaoer děi, Hé Běnawa ka harěp masing ijatna.


31 Oelab sok njawad njatjampah, rědjěng koedoe djadi pikir, wadjib oerang téh kabita koe lampah ki Sětja tani, ngawangsoel ki Běnawi, lérés pisan sapiwoeroek, sareng manawa rempag, koering soemědja rék ngoering, rék ngaboedjang ka kijai Sětjanala.


32 Ki Beñawa kaidiñan, saoerna rěmpoeg téh těing, harita kénéh njarimpang, ka saoeng ki djoeroetani, koe ki Sětja di tampi, di akoe di soegoeh-soegoeh, njai Nirmala olah, itik koerih gěs tarapti, sangoe liwět lalawoeh lalab-lalaban.


33 Hantě réja kadaharan, tapi ngarěnah téh těing, sambělna maké katoentjar, lalabna daoen sasawi, rědjěng kepokan hiris, pěntil djaät djěng soerawoeng, djěng koeloeb katjang rowaj, noe dahar sěděptéh teing, ki soedagar dahar moenggah ngoetjoer késang.


34 Njaoer kijai soedagar, kakang tariina téh těing, panjoegoekan adi dahar, asa djadi koelit daging, asa kakara manggih, dahar ngenah tjara kitoe, wangsoelna Sětjanala,