Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
24

istri, éta kitoe noe sajaktos.
48Taja děi noe hadé djaba ti roentoet, lěwih tina djampé matih, djampé mah ngan woengkoel tjatoer, modalna noe ngagiringsing, soepaja měnang poporot.
49Réja djalma, noe dagang djampé djěng doejoeng, tjatoerna matak soegih, koe akal hantě katimoe, moen enja gé matak soegih, měrěn manéhna gěs rébo.
50Hantě koedoe ngarah paměli ti batoer, lamoen enja matak soegih, koe manéhna baé poendjoeng, hiroep koedoe taki-taki, nja éta bisi kagěl̅o.
51Ki soedagar njaoer dăi bari imoet. kakang pěrtjantěn téh těing, kasaoeran adi kitoe, tapi kakara kaharti, ari tadinamah ngésto.
52Sajaktosna kakang téh rěm̅ěn goegoeroe, djampé dagang rědjěng tani, tatapi sakabéh loepoet, dagang tani hantě djadi, poerwana kakang méh potol.
53Ajěna mah oelah kapalang ngawoeroek, kakang soeměd̅ja ngamoerid, oelah katanggoen̅gan lakoe, da adimah ěnggěs boekti, moekti koe kakang katéndjo.
54Sětjanala ngawalon pokna soemoehoen, salahir̅an gěs kakoeping, nan̅ging soemoehoen běběndoe, koering tě gadoeh pan̅garti, roemaos pinoeh koe bodo.