Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
28

bati, ahirna sok djadi bin̅goeng, batina hěntě kaboekti, pangnjokotna njosok djěr̅o.
63Enja baé batina ěnggěs kaitoeng, tapi lamoen tatjan boekti, oelah waka rék di ganggoe, da tě njaho di noe gaib, kasmaran těing rék nganggo.

III
ASMARANDANA.

64Kitoe noe dagang sok roegi, mastikěn těing itoen̅gan, tatjan béh ĕnggěs di tjokot, rědjěng děi anoe dagang, koedoe asak djěd̅jěh̅an, timbang-timbang kabéh lakoe, maké doedoega prajoga.
65Noe dagang téh ngarah bati, kitoe gé koedoe prajoga, ngagéh̅an kěr batoer mangké, pada ngarah kaoentoeng̅an, djadi koedoe mědjěhna, kadjěn létik měnang oentoeng, soepaja réja pajoena.
66Nadjan gěd̅ě měnang bati, oepama ti sapotongna, arina barangna djomlo, hantě toeloes pan̅goentoengna, ngěmbrěk barang dagang̅an, ki soedagar pok ngawangsoel, adi lěrrěs gěs karasa.
67Ki Sět̅janala pok děi, mitoetoer ka ki soedagar, koering sěd̅ja tjatjarijos, koering bahěla kěr boedjang, gadoeh sobat soedagar, ngaran̅a ki Kartadanoe, pangdagangna kataék̅an.