Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
30

68Sarěng aja hidji děi, ngaran̅a ki Wirasraja, toenggal sobat koering kénéh, běngharna asal toeroen̅an, poesaka ti kolotna, parěng dina hidji waktoe, doewanana lěmpang dagang.
69Mawa barang ěntjit batik, noe katanggoeh bakal gantjang, tapi doewa soedagar téh, Kartadanoe Wirasraja sédjén pisan sědjana, ari lampah Kartadanoe, saetik ngarah batina.
70Wirasraja lain déi, gěd̅é pisan pang̅arahna, djadi sabab éta géséh, laris Kartadanoe téja, toeloej ki Wirasraja, ngadjak ka ki Kartadanoe, ngoenggahkěn harga dagang̅an.
71Soepaja djadi sakait, pada galěd̅é oentoengna, ki Kartadanoe ngawalon, adi gěs mědjěhna pisan, harga dagan̅gan kakang, patoet adi anoe toeroen, ngoedag ka pangdjoewal kakang.
72Wirasraja némbal sěng̅it, kami tě rék ngamoemoerah, hantě lakoe didijě gé di bawa kamana mana, bari gé hantě soesah, lain barang běnang ngandjoek, istoening banda soran̅gan.
73Ki kartadanoe mah sěri, hantě ngalawan paséja, ngawangsoelna ajěm baé, pokna adi koema karsa, kakang