Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32

tě mapalang̅an, toeloej Wirasraja poendoeng, pada harita papisah.
74Pindah pondok sedjén děi, tě daék̅ěn rěrědjěn̅gan, Wirasraja toeloej djomlo, tina tě noeroenkěn harga, ari Kartadanoe mah, barangna sakabél lakoe, malah gěs di ganti roepa.
75Enggěs di bělikěn děi, ladangna ka sědjén barang, gěs dangdan rék balik baé, mawa dagang̅an tidinja, bawaěn ka dajěhna, ki Wirasraja mah loepoet, barangna tě pajoe pisan.
76Balikna di bawa děi, měnang roegi tiloe djalan, saprakara hése tjapé, kadoewa roegi koelijan, katiloe lěn̅git modal, katambah katoengtoen napsoe, barangna di monjah-monjah.
77Eta ěnggěs djadi boekti, noe gěd̅é těing pan̅garah, loewangna sok tambah tombok, manana koedoe mědjěhna, nja ngarah kaoentoeng̅an kijai soedagar ngawangsoel, adi lěr̅ěs kitoe pisan.
78Soemangga ladjěngkěn děi, kakang rěs̅ěp nanakěr̅an, ngoeping tjarijos kěr tjonto, koe kakang sěd̅ja di tilad, ngawalon Sětjanala, soekoer moen soeka ngaroeng̅oe, aja di hidji tjrita.
79Ngaran̅a ki Djajakarti istoening djalma pibanda, tě aja in̅gět̅an sédjén, ngan hajang tambah bandana, sagal kalakoewan, taja pisan noe kalaroeng, soepaja aja oentoengna