Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34

80Lampahna dagang djěng tani, gěs pirang-pirang bandana, karěs̅ěpna tampa gadé, di arah datang ka poerna, oepama di indjěm̅an, tapi tě rék méré oentoeng, kalijěs pokna tě boga.

81Sanadjan doeloer pribadi, ana tě djangdji ngoentoeng̅an, saoewang gé tě di béré, pokna poetoes koe tě boga, ana dipaksa-paksa, koe doeloer di pénta toeloeng, radjěn ngindjěmkěn tagih̅an.

82Lampahna ki Djajakarti, minangkana panghadéna, méré anak tjaoe baé, pokna batoer kami sidkah, soegan arék marělak, tah kop méré anak tjaoe, di kěb̅oen gěra toegar̅an.

83Sakitoe gé Djajakarti, rasana gěs hadé pisan, moenggah tě wěléh miomong tjarita ka tatanggana, tadi kami gěs amal, méré anak-anak tjaoe, ka batoer si anoe téja.

84Taja noe ngékrék noe pěl̅it, anoe ngoengkoelan ka éta, mikir kaoentoeng̅an baé, djěng tara ngakoe ka sémah, ana taja tanggoehna, éta bakal mawa oentoeng, kaoentoeng̅an ka dirina.

85Mashoer djadi biwir hidji, jén éta kitoe lampahna, tatanggana mariomong, tatjan aja hidji djalma, ngarasa di soegoeh̅an, pinarěng aja tatamoe, datang ti nagara lijan.