Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
36

86Tatamoe ngarěn̅gě warti, anoe ngaroepat kadinja, jén éta ratoening korét, tara njoegoehan ka sémah, tatamoe ték rék njoba, sarta sanggoep měnang soegoeh, ari tjatoer priboemina.

87Sampéjan asoep moestahil, lamoen měnang panjoegoehhan, ti Djajakarti noe korét, koe lalawas rěrědjěng̅an, toenggal sapakarang̅an, bédja ogé tatjan nimoe, jén Djajakarti njoegoeh̅an.

88ki semah téh soeka seri, pokna koela tangtoe menang, panjoegoelian serta hadé, koela ngaran Goenasabda, montong di seboet ngaraña, lamoen tě měnang soegoeh, bari indit toeloej ngandjang.

89Sarta mawa kandjoet doewit, katémbong ěsina bodas, ki Goenasabda gěs njaho, ki Djajakarti bédjana, ngampih̅an bawang bodas, réja pirang-pirang pikoel, ngahadja baris dagang̅an.

90Běnangna měl̅ak pribadi, djěng měli tí tatanggana, barẽng ki sémah katéndjo, témbong mawa kandjoet oewang, ki Djajakarti soeka, ka ki sámah gěwat ngakoe, barina ngamparkěn samak.

91Ngětěk pikir Djajakarti, mikir̅an karěpna sémah,