Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38

réhna tatjan daék waléh, toeloej sémah Goenasabda, ngomongngan doengkarinah, sěm̅oe noe rék aja maksoed, nanjakěn hargana bawang.
92Pokna koemaha noen adi, didijě téh réja bawang, djěng harga sapikoelna téh, běnang watěs lima wělas, ki Djajakárti soeka, rasa bakal měnang oentoeng, krana di bělina moerah.
93Ari manéhnamah měli, sapikoel opat roepija, ki Djajakarti téh atoh, sabab méh moetoeng oentoengna, tidinja ngawangsoelan, ngarsakěn sabraha pikoel, bawang mah tanwahdé aja.
94Ki Goenasabda téh sěri, sěm̅oe bakal saěnjana, tapi ngan kari nah baé, hantě pok waktja balaka, ki Djájakarti boen̅gah, toeloej koe manéh ka dapoer, ngangkěrran baris njoegoeh̅an.
95Ngadadak měntjit kabiri, olah-olah njisih masang, tě lila djěb̅oel ka balé, sémah téh ki Goenasabda, ngomong djér̅o atina, sija ogé katjaroetjoet, maroekankěn saěnjana.
96Aing téh rék nijat měli, karaman téh hantě pisan, měli bawang ěkěr naon, tidinja toeloej dalahar, sémah djěng pamadjik̅an, tatanggana pada imoet, héran koe doeméh njoegoeh̅an.