Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40

97Pikirna ki Djajakarti, hantě poho ka bawangna, bakal boga oentoeng gěd̅é, sanggěsna madang pok nanja, sarta hadé basana, sampéjan sabraha pikoel, nja ngagalěh bawang bodas.
98Gěs éntép běnang ngadatjin, kari noeroenken ti para, ki Goenasabda ngawalon. prakawis éta téh bawang, kawoela hantě ngarah, ngan ngomong sotéh sakitoe. saoekoer hajang oenin̅ga.
99Djěng kintěn oentoeng téh těing, lamoen lakoe lima wěllas, batina méh moetoeng baé, sabab paměli andika, bédjana opat roepija, ki Djajakarti djaměd̅oed, tě njana kitoe toengtoengna.
100Ki Goenasabda gěs indit, sěri sadjroning pikirna, barěng gěs něp̅i ka balé, anoe di andjrěk̅an téja, ramé, pada naranja, doeméhna měnang soesoegoeh, sampéjan téh kawénéh̅an.
101Ki Goenasabda téh sěri, pokná lain kawénéh̅an; gěs kitoe watěkna baé, djalma pěl̅it noe pibanda, koedoe di bibitaän, koe noe bakal aja oentoeng, kana dirina sorang̅an.
102Noe matak si Djajakarti, daék̅én katotombok̅an, pikirna pamikat baé, soepaja lakoe bawangna, éta kitoe pět̅ana, noe korét daék̅én njoegoeh, koedoe gěs témbong manisna.