Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
42

III
DANGDANGGOELA,

103Ki soedagar njělěkětěk sěri, ngadang̅oekěn tjarita ki Sětja, njaritakěn anoe korét, poewas doemeh kapoekoel, koe ki Goenasabda binangkit, toeloej ki Sětjanala, noeloejkěn pitoetoer, lampah Djajakarti téja, pokna kijě hidji mangsa Djajakarti, réja mělijan béjas.
104Rědjěng paré pirang-pirang léit, tina waktoe paré moerah pisan, kaběn̅ěr̅an taoen hadé, paré djadina moeloes, djělma-djělma tě pati apik, paré di monjah-monjah, ari ganti taoen, sawah kěna hama koengkang, bapa ěsi taoen harita patjěklik, paré mahal katjida.
105Tjatjah-tjaijah soesah njijar ridjki, soeksroek saksrak, saäkal-akalna, tambah bang̅ět ngoejangna téh, tě kari tangkal kawoeng, di toewar̅an koe koering-koering, di arala sagoena, di rěmběj djěng sangoe, ngan Djajakarti sorang̅an, hantě ngoejang lěitna pinoeh baloentjir, pinoeh goedang béjasna.
106Děng̅ěn děng̅ěn pada soesah pikir, Djajakarti noe soeka soran̅gan, kaběn̅ěr̅an réja paré, tapi tě pisan noeloeng, ngadjoewalna di ětik-ětik, ngarah kana mahalna, saréhna di tanggoeh, madjoe kénéh kana mahal, pang̅arahna béjas