Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
44

hargana sadatjin, pajoe opat roepija,

  1. Djeboel datang kapal djung sakétji, anoe pada di moewalan béjas, pirang-pirang réjana téh, saréhna gěs kamashoer, dajeh éta banget patjekli, djadi para nangkoda, kadinja ngadjoegdjoeg, tina sabab čnggěs réja, harga béjas toengloengna moerah téh třing, djčng kaboeroe di boewat.
  2. Leit Djajakarti masih boentjir, sarta pinoeh kénéh goedang béjas, ngan oekoer kakara tjotjéng, ki Djajakarti bingueng, gěs roemasa jén bakal roegi, barga kaboeroe moerah, méh tě pati lakoe, asal kadatangan kapal; tambah panén ki Djajakarti téh roegi, djadi pinggus modálna.
  3. Éta kitoe noe sok hajang lewih, koedoe datang ka mahalna pisan, te inget kaboeroe p nén, sampoerna anoe hiroep, koedoe baé aja kawatir, sanadjan anoe dagang, hoesoes ngarah oentoeng, tatapi koedoe mědjéhna, noe katjida teing pangarahna bati, adat sok djadi toena.
  4. Malah aja wangsit anoe alim, hanté hadé djoewal měli béjas, nja éta sok salah haté, mikir soepaja oentoeng, ngarep-ngarep batoerna roegi, soeka moen batoer ngoejang, paré manéh lakoe, lain tjara barang-barang, noe di pambrih, djelma pada soegih moekti, bisa měli barangna.