Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46
  1. Ki soedagar ngawalon djếng sẽri, lěřés adi lamoenna kitoemah, të saé babatén paré, goréng nijat ka batoer, Setjanala hatoeran děi, lamoen hantě kitoemah, kalēbbět panoedjoe, djoewal měli paré béjas, hadé baé soepaja sing běněr ati, hadé tékad ka kantją.
  2. Rědjeng dii koedoe ati-ati, ari dagang kadjén lětík modal, soepaja djalaña hadé, ari noe matak koeseet, tion réja anoe di pikir, resep andjoek andjoekan, hoetangna gěs noempoek, toetoep lobang kari lobang, hartina téh naoer bănang ngandjoek děi, malar iněnang saoesap.
  3. Réja djalma dagang noe ngalinting, tina sabab djalan kitoe téja, pindah-pindah hoetang baé, toengtoengna djadi noempoek, gěs patjampoer modal djễng bati, tambah djadi bingoengna, hoetang tě kataoer, ki soedagar gěs roemasa toengkoel ngěloek mikiran diri pribadi, éstoe nja kitoe pisan.
  4. Setjanala tjatjarita děi, koering mendak djělma anoe moerka, tara ngaraskěn noe sédjén, ngan pambrih manéh oentoeng, kadjen katoer tiwas djeng roegi, ngaraña éta djelma, katělah ki Mastoe, asal anak Pakalongan, kąsebboetken éta djelma rada soegih, réja barang-barangna.
  5. Hidji mangsa ngandjoek barang batik, kira harga