Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50

njiksa batoer, batoer tiwas měnang balahi, lantaran ti manéhna, barangna di djěbloeg, éta poma koe sampéjan, daměl tjonto ngarasken ka batoer roegi, tangtoe měnang djamoega.

  1. Ki soedagar ngawangsoel djěng seri, lěřěs adi nos kitoe pětana, sasat maling kénéh baé, pirang-pirang pitoetoer, Nabi Isa enggěs ngawangsit, djelma oelah milampah, ngếnahkén ka batoer, sakadar lamgen manéhna, hantë ngenah koe batoer di kitoe dăi, tajoh kitoe larapna.
  2. Anoe matak poen kakang téh séri. ras ka awak poen kakang sorangan, poerwa ajěna méh potol, di kitoeken kos batoer, tapi éta batoer noe djoelig, tjidra kana soebaja, toengtoengna kapahoeng, hiroep tě měnang djamoega, djadi leres sakabéh lahiran adi, énggés aju boektina.
  3. Setjanala pok hatoeran děi, lampah djalma noe nganaken oewang, éta téh larangan gědé, hantě rěmpoeg djeng hoekoem, gis di wangsit koe para nabi, tapi enggos goernita, réja anoe malsoe, lampahna nganaken oewang, tapi salin basana ngadjoewal doewit, pětana hantě béda.
  4. Ngan di ganti akalna pasini, di sěboetkěn djoewa] měli oewang, soepaja hoekoemna hadé, éta noe tjara kitoe, koe noe wara enggés di tampik, těğěsna djalma wara, noe ahli tasaoep, pokna moen kitoe pělana, sasat djalma