Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52

ngabobodo ka jangwidi, toorta moenggoehing Alah.

  1. Mowal pisan samar ka noe gaib, nadjan boeni mowal kapindingan, mowal menang malsoe onsong, djadi koe sabab kitoe, montong baé ngadjoewal doewit, lěwih hadé néjangan, djalan anoe rěmpoeg, ari djoewal měli téja, hadé pisan saroewa baé djeng tani, toen ggal kasab sampoerna.
  2. Katjatoerken datang ka djanari, ki soedagar rědjeng Setjanala, paharep-harep ngadongéng, datang ka waktoe soeboeh, katjatoerken ísoekna děi. ki soedagar pamittan, sědjana rék moendoer, koe ki Seija di sanĝoewan, gěs bral moelang ki Běnawa hěntě balik, toeloej baé ngaboedjang.
  3. Katjateerken ki soedagar tadi, sadatangna ka imah milampah, barangna di djoewal kabéh, toeloej di paké naoer, sasésana gěs djadi doewit, kabéh di paké modal, noeroetken piwoeroek, kijai Sẽtjanata téja, laoen-laoen ki soedagar soegih dei, sarta tě hoga hoetang.
  4. Djeng ki Sětja djadi sobat dalit, saniskara kalakoewañana, gědé letik sili taros, Jewih manan ka doeloer, ki Běnawa njakitoe děi, anték panggoegoeroena, saniskara lakoe, toeloej pareng djeng djodona, di kawinkěn ki Běnawa kanji Sari, roentoet sapapandjangna.