Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54
  1. Ki soedagar bangět soeka ati, ka minantoe loetjoe sarta njaäh, rěmén magalan anak téh, dina sahidji waktoe, ki Běňawa rědjếng nji Sari, di ala ka djro koeta, rék hibat ka mantoe, roepaning paparahotan, satjoekoepna pakéjen noe, laki rabi, pakakas imah-imah.
  2. Sarta toeloej ki soedagar soegih, mapatabian ka agoes Běnawa, pokna agoss musing hadé, djang bodjo koedoe roentoet, oelah pisan pabéntar pikir, koedoe sili hampoera, moen aja noe loepoet, nelah sok hajang soradgan, djadi litjik hantě sili běli ati, sakasoeka katjoewa.
  3. Rědjěng děi manéh oelah sok dir, doeméh ngora nganter kasoekain, rasa manéh mowal djomlo, ka awéwé ngahangue, koedoe baé koe manéh pikir, montong nanja noe lijan, koe manéh kamaloem, nanja ka ati soranĝan, mowal béda pikir awéwé lalaki, tangtoena sakatjoewa.
  4. Lamoen manéh kadatangan pikir, rék milampah djalan karoetjahan, pikirkěn ka awak manéh, lamoen awéwé kitoe, tangtoe manéh béjak nja idjid, djađi oelah kasorang, moen kapikir kitoe, pikir ioe rědjěng oerang mowal béda, itoe gělěh merang idjid, da saroewa manoesa.
  5. Mana djalma anoe laki rabi, saméméhna sing béjak ihtijar, gěs kawin wajahna baé, anggoer sing loelous