Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
56

roentoet, oelah hajang ngalandja děi, djělma rõměn éwéjan, hantě kaoer madjoe, di basaäu hédjo tihang, hantě kaoer balas tina oengkrah-angkrih, wagoe sapapandjangna.

  1. Oelah tjara ka kembang malati, ěkér anjar sẽngit di tjijoeman, ges aloem di pitjěn baé, koedoe tjara ka pitjoeng, énggės djadi kělěwěk asih, tambah ti tatadina, ka bodjo nja kitoe, běki hěběl tambah njaïh, oelah bosen koedoe méhna enggěs rabig, anggoer tambah piwělas.
  2. Tapi Joembrah pikirna lalaki, koedoe baé hajang di adjeñan, tapi manéhna tě ngadjén, ka awéwé ngahanĝoe, lamoen kitoe pantěs tě rapih, koedoe sili ndjéñan, soepajana roentoet, djung děi manéh nja ngarah. awéwé téh montong sijěn tapi asih, tangtoe loeloes djadina.
  3. Moen awéwé ngan sijen tě asih, ka lalaki gampang, milampahna, kana salah mowal hésé, aja dongéng di tjatoer gé noe katjida atina soelit, dělit djěng timboeroewan, sok mosoekoesoenoe, ka bodjona njingsijeñan, boewad-baed hante méré boedi manis, kěřeng sapapandjangna .
  4. Di ngarañan ki Soedjanabrangti, awéwéna nji mas adjeng Dara, kitoe pisan adatnatéh, ngagědékén timboeroe, ka bodjona ngan woengkoel sengit, tapi nji adjeng