Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
58

Dara, djadi woewoeh giroek, datang atina ngalawan, mangdoewaken babari hantě katjiri, kitoe sapapandjangna.

  1. Djadi sabah éta koedoe éling, celan pisan kitoe nja pangarah, ngan di pikasi,ěn baé, di djaga koe timboeroe, koedoe baé di pambrih asih, malar di pikaroenja, tangloe měrên loeloes, sabab awéwé téh gampang milampahna doraka lamoen tě asih, lain tjara karoenja.
  2. Lamoen sijén hantě sarta asih, lampah jidra sanadjan di djaga, dengdeng aja waktoe bongoh, éta pětana kitoe, mana koedoe sili pikasih, oelah litjik sorangan, bajang di, piloetjoe, ki Beñawa ngawaloñan, ka ramana noen éla leres téh těing, gěs tangtoe di pilampah.
  3. Napiwoeroek di pikir téh těing, sanggěs kitoe toeloej ki soedagar, njaoer ka minantoena téh, sarta toeloej ngawoeroek, pokna njai sing éling-éling, nja sili pikanjaäh soepajana roentoet, montong réja nja toeladan, éta baé toe. wang iboe nja ningali, lampah djeng toewang rama.
  4. Tina roentoet sili pikaäsih, anbe matak djadi kasennanĝan, arang paséja patjogrég, moen aja anoe loepoet, tina djalan salah sačtik, koedoe sili hampoera, oelah toeloej poendoeng, trangken nja katengěnahan, éta tangtoe lantaran djalina noe rapih, koedoe sili hampoera.