Kaca:Wawacan Seca Nala - Raden Hadji Moehamad Moesa.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6

ngehoema milampah tani, ngahoemana dina pěntjoe sisi djalan.

4Kira sabaoe léğana, pěpělakañana djadi, kěr oesoem konéng paréna, dina sisi djalan hoeni, toeroes djaät ngabaris, taroengkoel boewahna sěkoel, rawěj boewah djaatna, kari ngadago di pipit, sijang-sijang objor kembang sréngéngéna.

5Saoeng lětik di tengahna, bilikna di matawalik, dina harěpěn saoengna, tihang kolétjér sahidji, ana katěbak angngin, kolétjér ngagowéng haroes, dina sahidji mangsa, kira wantji asar ahir, badé soré soemirat tjahja lajoengna.

6Ki Sětja rědjěng bodjona, anak awéwé lalakí, pada araja di hoema, pada soeka-soeka ati, Sětjanala pribadi, handapěn kolétjér nangtoeng, tanggah djěng héhéjotan, loewak lijěk alak ilik, mirěngěhna ngalér ngidoel ngoelon ngétan.

7Sěmoena boengah katjida, tina pakajana djadi, salamět hantě koe hama, boedina boengah téh těing, katambah djěng di pirig, kolétjér haroes ngadoedoed, angkéhna Sětjanala, sora saléndro djeng soeling, ngadjeğoerna di angkěh sora goěngna.