Kaca:Wawacan cariyos Ali Muhtar.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8

di koe sabab éta téh, bapa liwat kabalangsak, njandang lara masakat, kalakoewan bapa soendoel, lijěk ěwěh ragap taja,


11Nalangsa mikiřan diri, tina gěs tě bisa polah, ari rék njoba běrmaén, hantě kadoega koe éra, koe baraja-baraja, anoe pada tjararoekoep, sarta isin koe Pangéran.


12Tina roemasa téh těing, sajaga di parabotan, panggahota djědjěg kabéh, soekoe iroeng tjěli mata, lěñgěn taja kakoerang, lamoen di paké djadjaloek, parabot taja gawéna.


13Djeng koerang soekoer ka Goesti, hantě mětakěn titipan, ngan ngarah babari baé, pěpěřih noe tampa daksa, anoe ditakdir tjatjad, pantěsna koedoe djadjaloek, malah koedoe di toeloeñgan.


14Di toeloeng koe noe walagri, ari anoe djédjég téja, rék pipiloewěn bérmaén, sasat ngaréboet oesaha, pikasabën noe tjatjad, éta pikir bapa kitoe, sapěting tě sasaréjan.


15Tina moelak-malik pikir, gěs kitoe gilig nikiran, rék nijat ngoembara baé, soegan paréng aja bagdja, isoekna toe loej dangdan, djěng amit ka sépoeh-sepoeh, neda paidin ngoembara.