Lompat ke isi

Kaca:Wawacan cariyos Ali Muhtar.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10

16Koela-warga ěnggěs idin, taja anoe ngahalangan, isoekna déi djoeng baé, hanté pisan mawa modal, ngan masih ma wa giwang, benang bapa koempoel-koempoel, minangka kér baris modal.
17Kira tiloe poeloeh kati, giwang baris kěmbang-kěmbang, narétés pěti pangantén, mangké di pangoembaraän, rék koeli ngembang-ngembang, kitoe sotéh lain tanggoeh, ngan laja ker baris modal.
18Bapa isoek -isoek indit, gěs kaloewar ti nagara, saka boentar-béntor baé, lěmpang sakaparan-paran, tatjan poegoeh kamana , nagara anoe di djoegdjoeg, mikiran sapandjang djalan.
19Di djalan rěměn papanggih, djếng anoe paroelang dagang, tina hantěm dangdan-dongdon, měnang ogé bongbolongan, gěs poegoeh noe di sědja, noe di djoegdjoeg ka Tjiandjoer, hantě katjatoer di djalan.
20Ka dajěh Tjandjoer gěs něpi, bapa nja moro ka pasar, didinja gěs měnang enggon, ngaroengroeng di oerang pasar, toeloej bapa téh kasah, oenggal powé hantě nganggoer, mětakěn narétés téja.
21Měnang pirang-pirang pěti, děmi gěs béjak giwangna,