Lompat ke isi

Kaca:Wawacan cariyos Ali Muhtar.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20

kasenangan laki-rabi, tina lajět sakatjoewa sakahajang.

40Kadarat djadi salěbak, ka tjai djadi salewi, sarta sabanda saboga, sapapait samamanis, koe bapa ges kapanggih, noe hantë lajët djëng roentoet, djadi taja madjoena, pikir téh di pocoek poesing, sanggěs kitoe bapa taja kamarasan. 41Toeloej baé pěpégalan, bapa enggěs doeda děi, tidinja aja lědjařan, pikir hantě soesah těing, bapa gěs gilig pikir, aja nijat arék ngandjoek, didinja aja djalma, noe kasëboet rada soegih, toeloej bapa pasini ménta dagangan.

42Tapi lain djangdji hoetang, ngan ménta barang koemisi, djangdji boeboeroeh ngadjoewal, noe tě pajoe moelang děi, soepaja oelah lengit, djeng soepaja oelah koesoet, tina gěs měnang bédja, bapa tara tjidra djangdji, di béréjan barang hiroep sapaménta.

43Toeloej bapa ngadon dagang, mawa pananggoeng sahidji, ngadjoegdjoeg ka Madjalengka, énggés pajoe balik děi. njerénken éta doewit, moelangkén anoe të pajoe, djỡng njokot đěi barang, noe aja taksiran laris, kitoe baé poelang-anting mawa barang.