Kaca:Wawacan cariyos Ali Muhtar.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40

děi legana, djělěma reja noe wani, oepama saratoes toembak, sapowé gá gěs tarapti.
83Tina oerang dijě doesoen, tadina tě toeman koeli, gěs nělě gawé koe lijan, pada kabita koe doewit, daratang tỉ pilěmboeran, ka bapa marénta doewit.
84Aja anoe sanggoep matjoel, aja sanggoep mělak hoewi, sawarěh noe ngabaloengbang, bapa bangět soeka-ati, sapikarěpěn garampang, pagawéjan téréh djadi.
85Oepama ngěbon sabaoe, sapoeloeh powé gès trapti, tina mimiti magěrna, datang ka mělak sakali, tina taja kakoerañgan, rája djělma anoe koeli.
86Bapa soeka liwat langkoeng, hasilna ěnggěs kaboekti, gědě manan tina dagang, samborong tjěk saoer aki, tě aja anoe ngoengkalan, kana kaħasilan tani.
87Hoetang kabéh gés kataoer, kapoenah koe hasil tani, malah bisa něnděn oewang, tjéngtjéléngan dina pětí, balandja sapopowéna, koe palawidja gé mahi.
88Ti harita bapa madjoe, oenggal taoen tambah děi, ngalégaan kekebonan, pělak tadi waroe awi, ěnggěs kapaké hasilna, soeloeh djěng pagěr tě měli.
89Toeloej bapa mělak tiwoe, nijat njijěn goela-pasir, gěs