Lompat ke isi

Kaca:Wawacan cariyos Ali Muhtar.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6

5ljě koe koela di goerit, mangsana kér mapatahan, ka anak minantoe kabéh, ěkěr pada di bédjaän, tina asal-asalna,lakoe-lampah noe kapoengkoer, di tétek ti mimitina.

6Koe ki Ali noe di pambrih, soepaja djadi ingětan, anak minantoena kabéh, djěng soepaja di toeroetan , tina těměn wěkělna , anoe matak djadi tjoekoep, lain banda toetoeroeñan.

7Tina wěkėlna pribadi, sarta pitoeloenging Alah , soepaja di djijën tjonto, minantoena pangkolotna, Hadji Sidik ngaraña, di balé pada ngarijoeng, nanggap noe kör tjatjarita.

8Kijě pitoeloer ki Ali, baroedak déngékén bapa, rek njaritakěn lalakon, asal di Bantén bahěla, bapa lėwih masakat, wantoening anoe pahatoe, hantě indoeng hantě bapa.

9Hiroep pinoeh koe prihatin, satěñgah gěs katalajah, tajanoe ngawaro-waro, wantoe watěk alam doenja, sanadjan asal ménak, ana ēnggěs hantě tjoekoep, arang pisan di adjénan.

10Soemawon asal noe lētik, komo taja noe ngadjénan,