Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6

lampah noe goréng di laroeng, anoe hadé di pilampah;


4 ljě mimiti di goerit, noe milampah kagoréngan, ti boedak datang ka kolot, tě milampah kahadéjan, aja sahidji djalma, noe katĕlah si Mairoen katjatoer mangsana boedak,


5 Taja gawéna ngan oelin, braj běrang njaba ka pasar, manggih noe boñgoh di sĕbrot, běnangna njěbrot di djoewal, dipaké barang hakan, sésana di paké ngadoe, képlék sintir totorahan,


6 Ari éléh maling dĕi, moen měnang paké pěrtjoemah, rasa lain běnang hésé, ana kěr mangkoek di imah, ngaringkėl taja kasab, ngan mikatan hajam batoer, ngawoer bari kěkědengan,


7 Di kolong masangkěn ratjik, di asoepkěn kana tjonggang barina ngawoer koe réméh, ana měnang di koeroeñgan, rasana boga modal, kěr simpé djalma di kandoeng, toeloej di bawa kapasar;


8 Ladangna nja kitoe děi, sasésana baranghakan, ngan woengkoel di paké maén, moen paréng menang ngadoena, soeka kabinabina, asa aing djadi ratoe, boga kěr mahoegi landjang.