Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98

lĕwih, sarta masing bĕnang, djĕng dĕi di baban̄an, doewa ratoes pĕrĕdjoerit, kĕr nĕmpoeh brandal, ari manéh pribadi.

  1. Koekamitéh di djadikĕn kapalana, éta kabéh pĕrdjoerit, gantjang Maratroena, ka kangdjĕng ngawalon̄an, soemoehoen timbalan Goesti, sĕdja ngiringan, abdi sakĕrsa Goesti.
  2. Nanging djisim abdi tĕ wĕrat sanggoepmah, mĕnangkĕn kraman lĕwih, ngan anoe ngawoela, sĕdja nglampahkĕn pisan, njoehoenkĕn bĕrkahna Goesti, djeng moega-moega, hasil sakĕrsa Goesti.
  3. Djĕng Boepati njaoer di dowakĕn pisan, toeloej Mratroena indit, djĕng kabéh barisan, rék nĕmpoeh brandal téja, saban powé saban pĕting, taja ĕrĕn̄a, Mratroena djeng pĕrdjoerit.
  4. Katjarita gĕs kapanggih brandal téja, sabédja ĕnggĕs boekti, limaratoes djalma, noe asoep ngabarandal, dĕkĕt lĕmboer Wirasari, katjatoer éta, batoer Mratroena miris.
  5. Sabab néndjo brandal sakitoe réjana, sawaréh ngadjak balik, tina tĕ kadoega, ngamoesoeh éta brandal, koe Mratroena gĕs ka koeping, omong baladna, Maratroena tĕ miris.