Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/104

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100
  1. Tĕ di goegoe pan̄gadjakna balad-balad, tĕ pisan mĕnang miris, koe Marataroena, di angsĕg éta brandal, barandal gĕs rada miris, djĕng pada héran, néndjo éta pĕrdjoerit.
  2. Ngan saĕtik tapi sĕm̄oe wani pisan, djadi tĕ toenggoe dĕi, datangna moesoehna, toeloej éta barandal, moendoer tĕ aja noe kari, hantĕ koengsi prang, kabéh ĕnggĕs ngabĕjir.
  3. Maratroena nĕndjo moesoehna tĕ aja, toeloej baé ngalahir, ka éta baladna, bé kabéh balad-balad, ajĕna pamikir kami, saréhna éta, moesoeh ĕnggĕs ngabĕtjir.
  4. koe oerangtéh pĕting-pĕting oerang pĕgat, soepajana kapanggih, kana gĕsan loenta. tapi pamikir oerang, mĕgat koedoe tinoe boeni, ti lĕwĕng éta, gantjang éta pĕrdjoerit.
  5. Ĕnggĕs mijang pĕting-pĕting djĕng Mratroena, mĕgat handapĕn kai, hantĕ kanjahowan, kĕr waktoena ngaliwat, koe barandal anoe djoelig, Marataroena, di lĕwĕng ĕnggĕs baris.
  6. Gĕs sadija ngantosan barandal datang, tĕ koengsi lila