Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
102

dĕi, datang éta brandal, djĕng sakabéh baladna, sĕdja néjangan noe boeni, Marataroena, djĕng sakabéh pradjoerit.

  1. Mĕgat brandal gĕr tjampoeh prang ramé pisan, barandal kabéh sisip, taja anoe tahan, ka balad Maratroena, djalma kataradjang njingkir, tinggal kalangan, réja anoe ngabĕtjir.
  2. Noe ngalawan di kadék sakali misan, roeboeh pating djoempalik, éta brandal téja, noe asrah di talijan, sakarina noe ngabĕtjir, noe di paéhan, gĕs pada njandang tali.
  3. Maratroena djĕng sakabéh balad-balad, pada moelang ka nagri, ngiringkĕn babandan, tĕ kotjap di djalan̄a, katjatoer baé gĕs nĕpi, ka dajĕh Toeban, ngadĕhĕs ka Boepati
  4. Radén Adipati Toeban soekamanah, ladjĕng baé ngalahir, bé Marataroena, soekoer brandal gĕs bĕnang, bĕn̄ĕr manéh lĕwih wani, sarta djĕng bisa, toeloej Radén Dipati.
  5. Njanggakĕn srat ka toewan Rĕsidén Rĕmbang, ngoenin̄ga jén gĕs hasil, pĕrkawis barandal, gĕs bĕnang koe Mratroena, soerat dina pos gĕs indit, gantjang lampahna, katjatoer ĕnggĕs nĕpi.