Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
104
  1. Gĕs katjandak koe toewan Rĕsidén Rĕmbang, di aos gĕs kaharti, ladjĕng ka kangdjĕng toewan, njanggakĕn dĕi sĕrat, ngoeninga kakangdjĕng Goesti, Goevĕrnoer djéndral, jén barandal gĕs hasil.
  2. Kangdjĕng Goevĕrnoer djéndral ĕnggĕs oeninga, ladjĕng baé maparin, hidji srat angkatan, ka éta Maratroena, oenina éta bi-loewit, djĕn̄ĕn̄gan Radja, Nédĕrland anoe adil.
  3. Marin warta ka sakabéh pangkat-pangkat, noe gĕdé anoe lĕtik, ajĕna Mratroena, di paparin̄an pangkat, Radén djĕng ngaran̄a dĕi, Sasra Widjaja, gandjaran kangdjĕng Goesti.
  4. Djĕng na dĕi di angkat djadi Wadana, dina sahidji Distrik, anoe panggĕdéna, ka éta Radén Sasra, djalma kabéh gĕdé lĕtik, koedoe ngahormat, kitoe oeni bisloeit.
  5. Katjarijos Rahadén Sasra widjaja, djadi Wadana moekti, tĕ kotjap ngaran̄a éta distrikna téja, katjarita lĕwih moekti ĕkĕr dadasar, andjĕn̄a langkoeng radjin.
  6. Rĕdjĕng Radén Sasra tĕ pĕtot baktina, salalawasna