Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8



9 Rěp pěting dangdan los indit, ka pasar laladjo wajang, doewit di bikěn karonggéng, ana moelang toeloej njajab, éta kitoe pětana, běki kolot běki woewoeh, asoep kana paribasa.


10 Djoeroe-paling ti lělětik, djoeroedjana ti boeboedak, pakokolot djoeroe rampog, si Mairoen hidji mangsa, bobor karahajoewan, maling moendingna kasoesoel, di barogod di talijan.


11 Malingna kapanggih boekti, di iringkén koe patjalang, toeloej di bawa ka bérok, di toenggoekěn kana landrat, tangtoe měnang hoekoeman, di boewangna opat tahoen, kaloewar ti poelo djawa.


Tamat




II

«PANGKOER»


12 Ajěna sédjén tjarita, toenggal kénéh ěkěr pangéling-éling, soepaja oelah rék kitoe, běnang djijěn toeladan, piéntěñgěn oelah rék milampah kitoe, gampang djadina tjilaka, tina běnghar djadi miskin!


13 Malah něpi ka tjilaka, aja hidji djalma kamashoer soegih,