Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10

kongas ka tatangga lěmboer, soegih doenja barana, ēmas pérak rénténg saléndro djeng děgoeng, pakarang tjara di ménak, di kěsik di kikis ngelir.

  1. Těngah pakoewon mandapa, děkét lawang papanggoeñgán ngahapit, ěnggon saléndro djěng dégoeng, ngaran mas Partasana, gěrěhana gělis sarta ampoeh loenggeh, njimas adjěng Doeradijah, poetrana wadana moekti.
  2. Loeloes roentuet djěng gěrěha, di poendjoelkěn di nagara Kediri, mas Partasana katjatoer, noe matak djadi benghar, asal tina ngamasan kaliwat ampoeh, tina radjin djếng wěkělna, kontjara kamana měndi.
  3. Saé padamělañana, rědjěng tara pisan ngowahan djinis, tara nipoe tara malsoe, djadi koe sabab éta, katorodjog noe ngéngkén ti oenggal lěmboer, malah ti Solo ti Jogja, datang ngéngkén ka Kědiri.
  4. Katjatoer mas Partasana, gěs kagoeñgan hidji poetra lalaki, kalangkoeng langkoeng di goenggoeng, tina da-dasar běnghar, kanté aja kakoerang ěkěr ngagoenggoeng, djadi kaliwat mědjěhna, asihna katjida těing.
  1. Di antěp sakahajangna, hantě pisan di poengpang djẽng di se ñgit, sakarěp-karěp di ladjoer, di djoedjoer di añgoñan, ěnggěs