Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12

něpi oemoer kasapoeloeh tahoen, di ngarañan Kěrtasana, tambah di alěm di asih.

  1. Tina ngěnah ti boeboedak, hantě pisan manggih lara prihatin, sakarěp-karěp di ladjoer, gawéna pipidangan, ari soré ngalajoer, sisi loeloeroeng, tindakna soegal djěng doegal, pojokan sarta koemaki.
  2. Manggih noe lěndjang di téjang, manggih anoe gělis di adjak měting, tě tolih kabodjo batoer, tina watěking běnghar. réja ogé awéwé anoe kapěntjoet, moenggah tjoel kasa-lakina, tina kabita koedoewit.
  3. Lila lila kaoeninga, koe ramana jén poetra langkoeng djoelig, iboe ramana kalangkoeng, ngawoeroek kapoetrana, tapi kimas Kertasana tě ngagoegoe, kabéh piwoeroek sěpoehna, hantě pisan di pidoeli.
  4. Djadi kinas Partasana, djěng garwana něñěda běrang pěting, ka Goesti Allah noe agoeng, moegi ki Kěrtasana, di pariñan ati noe bagěr noe patoet, ménggok kana kahadéjan, ninggalkěn lampah noe djoelig.
  5. Dowana mas Partasana, tě di kaboel koe Goesti sipat adil, satengah měnang běběndoe, boñgan salah tadina, koerang warah ti boeboedakna di goenggoeng, kitoe kadjadijañana, ngan bati ngoeloewoet pikir.