Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
14
  1. Hidji mangsa Kartasana, ngaděhěsan ka ramana rék amit, pamitan ngalantjong djaoeh, njaba ka Soerabaja, barangsijar měli dagañgan noe lakoe, kadoewa hajang oeninga, palataran Soerabanggi.
  2. Ramana hantě ngidiñan, tina hantě pěrtjaja djěro pikir, toeloej Partasana njaoer, agoes mangké bělaän, boedak kénéh tatjan patoet njaba djaoeh, djěng děi moatjan bisa, lampah pěta djoewal měli.
  3. Tapi tahoen harěp ama, nijat pisan njaba rék barang běli, sambijan djěng néjang doeloer, kadajěh Soerabaja, hadé pisan agoes lamoen arék miloe , koe ama tangtoe dibawa, oerang soeka soeka ati.
  4. Toengkoel ki mas Kartasana, hantě némbal anggoer kaloewar indit, maksoedna gěs koedoe ladjoe, toeloej népoeñgan tjina, toekang ngepak noe gěs loewang méré ngandjoek, noe sok ngaboeñgahkěn oewang, Kartasana ngindjěm doewit.
  5. Doewa réboe roepija pérak, rék ngéntrésan koe tjina tě di pikir, dadasar noe ngarah oentoeng , sarta aja andělan, poetra anoe kamashoerkěn běnghar poendjoel, toeloej baé di béréjan, oewang doewa réboe rispis.
  6. Sarta ki mas Kartasana, toeloej dangdan harita kénéh