Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18

kaliwat, ari hantě boga doewit djoedjoeroepoet, maliñgan banda sěpoehna, naon baé noe kapanggih.

  1. Toeloej di titah di djoewal, ka nagara salijan ti Kědiri, ka Solo rědjěng ka Kědoe, aja hidji batoerna , si Karama noe poerah ngadjoewal djaoeh, djadi sa-alětan pisan, si Karama djadi hidji.
  2. Hidji mangsa Partasana, lěngit kantjing mas doewapoe loeh siki, di téjañgan tě katimoe, di oengkab di kotéktak, di djro pěti di singkaban tě katimoe, ngahoelěng ki Partasana, katiwasan lěñgit kantjing.
  3. Tapi tě ěrěn néjañgan, lila-lila tiloe kantjing kapanggih, katimoena tina kandjoet, anoe si Singawangsa, toekang běsi waktoe éta kēr boeboeroeh, di kjaihi mas Partasana, koe sabab kapanggih boekti.
  4. Singawangsa di talijan, koe poelisi sarta toeloej di giring, di bawa ka ěnggon hoekoem, di pariksa koe djaksa, Singawangsa di pariksa hantě ngakoe, tatapi hoekoeman landrat, koe doeméh kapanggih boekti.
  5. Djadi di hoekoemkěn salah, nadjan moenkir sabab ka panggih boekti, Singawangsa měnang hoekoem, di rangkét djěng di boewang, tiloe tahoen kaloewar ti lěmboer matoeh, di boewang katanah sabrang, istoening tjilaka diri.