Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20
  1. Satěměña Singawangsa, hantě maling ngan katěnděñan boekti, anoe maling éta tangtoe, poegoeh mas Kartasana, koe děngkina mitjěn salasah kabatoer, ker boñgoh si Singawangsa, Kěrtasana něnděn kantjing.
  2. Kitoe kagoréñgañana, Kěrtasana gěs poegoeh dosa maling, tambah njilakakěn batoer, djěng děi hidji mangsa, Kěrtasana loentang lantoeng di loeloeroeng, toeloej njaba kapatjiñan, noe anom manggih noe gělis.

III

SINOM.

  1. Kěrtasana kaédañan , manggih njonja tjina gelis, ngahoelěng bari mikiran, koemaha sangkan ngadjadi, sapi karěpěn ati, běnang di adjakan njingkoer, tidinja toeloej nitah, panakawana pribadi, si Karama ngaraña anoe di titah.
  2. Nanjaän ka njonja tjina, diadjakan ka noe soeni, toeloej si Karama mijang, nanjaän ka njonja gělis, tapi njonja gěs ngarti, jén mas Kartasana latjoer, sarta goréng adatna, kamashoerkěn djoelig děngki, njonja tjina wangsoelna jén hantě nijat.