Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
22
  1. Si Karama gěs bébédja, jén njonja tjina téh, nampik, ngahoelēng mas Kartasana, ngětěk-ngětěk djěro pikir, rěměn ngahoeleng tjěrik, tě běnang koe di lilipoer, toeloej mas Kartasana, datang akalna noe dengki, si Karama di titah něpoeñgan tjina.
  2. Tjina salakina téja, noe gělis kapanggih tadi, kijě pokna Kěrtasana, Karama los gěra indit, ka kampoeng tjina děi, oepama ěnggěs patěpoeng, djěng tjina salakina, noe gělis kapanggih tadi, pok bédjakěn ama rék ngadjoewal béjas.
  3. Di kampong Dompet pěrnah na, moen babah rék sědja měli, koedoe ajěna di téjang, sarta di taksir sakali, koedoe baé pribadi, oelah rék nitah ka batoer, koe ama di dagowan, koedoe powé ijě indit, isoek-isoek soepaja datang ti běrang.
  4. Poma manéh masing bisa, soepaja tjina kairing, tidinja toeloej Karama, ka patjiñan goesak-gasik, gantjang noe mañgoen goerit, djěng tjina téh gěs patěpoeng, wěkas mas Kartasana, di bédjakěn hantě kari, tjina soeka bakal manggih kaoentoeñgan.
  5. Gěs dangdan toeloej bral mijang, koe si Karama di