Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
24

iring něpi ka lěwěng di bégal, di pěğat handapěn kai, koe Kěrtasana djoelig, tjina téh ripoeh di hoeroep, di tjěrěk koe doewaän, tjina éléh sarta tjérik, di talijan di talikoeng di tjangkalak.

  1. Tjina tjěrik gěgěrowan, di tjangtjangkěn kana kai, pagěh hantě bisa obah, ngan sasambat bari tjěrik, hé Kartasana djoelig, njiksa hantě poegoeh-poegoeh, kami tě boga dosa, Kartasana soeka sěri, sarta toeloej nitahan baé si Krama.
  2. Moelang ka dajěh bébédja, ka njonja tjina noe gělis, jén salakina ajěna, di Dompét měnang kasakit, moerijang panas tiris, njonja ajěna di saoer, si Krama gagantjangan, moelang ka dajěh Kadiri, katjatoerkěn gěs těpoeng djěng njonja tjina.
  3. Langkoeng kagét njonja tjina, réhna měnang bédja gěring, salakina noe kěr njaba, toeloej dangdan bari indit, kadoewa nini-nini djěng si Krama noe ti poengkoer, lěmpangna gagantjangan, katjatoerkěn ěnggěs něpi, kadjro lěwěng papanggih djặng Kartasana.
  4. Toeloej baé Kěrtasana, tě maké tata pasini, nini nini téh di téwak, di djédjék djěng di tampiling, nini djoengkěl