Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
28

néjangan tjai, ditjoetjoeran tina hoeloe, nini korédjat hoedang, loewa-lěwé bari tjěrik, sambat-sambat Kartasana kanijaja.

  1. Toeloej njonja rědjěng oepas, tiloewan djěng nini-nini, ladjoe narejangan tjina, tě lila ěnggěs kapanggih, di tjangtjang dina kai, soekoe lặngěn di talikoeng, di tapoek sirěm kilang, ngadjěhdjěr tě bisa oesik, kapaéhan hiroep kari satěñgahna.
  2. Tidinja toeloej ki oepas, ngoedaran sagala tali, gantjangna toeloej di bawa, moelang ka dajěh Kadiri, koempoel para poelisi, di latar djaksa ngarijoeng, koe djaksa gěs di priksa, lakoe lampahna di toelis, sarta toeloej miwarang sagala oepas.
  3. Néjangan mas Kartasana, djěng si Krama doewa maling, tapi wěléh tě kapěndak, pada njoempoet di noe boeni, toeloej baé badami, mas Kartasana djěng batoer, njaéta djěng si Krama, rék kaloewar ti Kadiri, pada nědja nga djoegdjoek ka Soerabaja.
  4. Tatapi éta doewaän, tě boga doewit sadoewit, soesah piběkělěn minggat, djadi doewaän badami, ěnggěs rěmpoeg rék maling, ka Kadiri banda sěpoeh, barang mas Partasana, noe di antjam rék di paling oewang njaho di těnděña.