Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34

běrang lělěwěngan, njoempoet di wahangan tjai, pěting lěmpang ngadjoeg-djoeg ka Soerabaja.


  1. Ari kahakañañana, naon baé noe kapanggih, běnang manéhna ngarajah, hantě loewang pěting maling. loemakoena ti pěting, ti běrang njoempoet njalindoeng, katjarita lilana, měnang gěñěp wělas pěting, di djalaña gěs datang ka Soerabaja.
  2. Tina sabab gěs waloerat, hantě pisan ngandoeng doewit, éwoeh njijar kahiroepan, ari baranghakan mistie, djadi doewaän mikir, kapaksa koedoe boeboeroeh, wantoening Kartasana, ti boeboedak manggih moekti, hantě bisa di gawé njijar oepahan.
  3. Sarta djěng moemoelañana, héngkér katambah mělēntjing, tają pisan karadjiñan, asoep kana toekang kai, tě bangkit ngaragadji, wagoe ngoelangkěn balijoeng, salah ngoelangkěn rimbas, djadi koelina di tampik, maksa asoep saětik koelijañana.
  4. Měnding měěs si Karama, tina njatjah ti lělětik, gěs toeman ogé balangsak, rada djalan ngaragadji, doewit běnangna koeli, ngan mahi saoekoer njatoe, koelina hantě