Kaca:Wawacan dongeng-dongeng.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
36

lila, sababna pada katainpik, toeloej baé pada ngalantrah di pasar.

  1. Boeboeroeh mitjěnan roentah, doewit běběnangan koeli, sasésana měli koepat, di paké kěplék djeng sintir, aja sésana děi, di paké měli apijoen, tě loewang nginoem madat, badjoe samping roentang-ranting, Kěrtasana mesna oelatna santana.
  2. Koelitna bělěwoek pisan, koeroe aking ngadjang djawing, iga ragas kawas gambang, papakéjan roentang-ranting, gawéna taja děi, ngan nginoem madat djặng ngadoe, dina sahidji mangsa, ti pěting ěkěr aroelin, ngadoe kěplék di pasar djěng si Karama.
  3. Mas kartasana waspada, jén si Krama maén litjik, ngamběk kimas Kěrtasana, si Karama panas ati, malěs njarékan děi, ngoetjapkěn lampah kapoengkoer, hé manéh Kěrtasana, koemaha noe matak wani, ngamběk kitoe manéh tě boedi roemasa.
  4. Noe matak kijě njalampah, pada oendoer ti Kadiri, kami tarima kabawa, asal kagěndam koedoewit, manéh noe mawa sisip. něpi ka oendoer ti lěmboer, ninggalken pamadjikan, kami sok di béré doewit, di babawa kana djalan kagoréngan.